Senin, 30 April 2012

Papatah Kolot Baheula Part IX



  1. Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang
  2. Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu dipake
  3. Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat
  4. Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan

  5. Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur
  6. Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada
  7. Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari
  8. Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel
  9. Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan
  10. Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar