Senin, 30 April 2012

Papatah Kolot Baheula Part VII




  1. Sabar teh lain  Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.
  2. Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.
  3. Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa.
  4. Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.

  5. Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah?
  6. Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.
  7. Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang
  8. Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh
  9. Dimana-manahurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina
  10. Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati

Tidak ada komentar:

Posting Komentar