Senin, 30 April 2012

PERIBAHASA MASYARAKAT JAWA BARAT (SUNDA)

    1. Adam lali tapel : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
    2. Adat kakurung ku iga : Adat nu hese digantina.
    3. Adean ku kuda beureum : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
    4. Adigung adiguna : Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung.
    5. Aya astana sajeungkal : Anu mustahil oge oge bisa kajadian.
    6. Aya jalan komo meuntas : Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
  1.  Aya bagja teu daulat : Arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
  2. Aya peurah : Aya komara, aya harega , aya pangaji.
  3. Ayakan tara meunang kancra : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
  4. Akal koja : Pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
  5. Aku panggung : darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
  6. Aku-aku angga : Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaki baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan ataw kauntunga.
  7. Aya di sihung maung : Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
  8. Aki-aki tujuh mulud : Lalaki nu geus kolot pisan.
  9. Alak paul : Tempatna nu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
  10. Alak alak cumampaka : Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya.
  11. Ari diarah supana, kudu dipiara catangna : Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener-bener.
  12. Alus panggung : alus laur hade ome, tegep dedeg pangadegna.
  13. Ambek nyedek tanaga midek : Ari napssu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri.
  14. Anak merak kukuncungan : Sipaat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
  15. Anak puputon : Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
  16. Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun.
  17. Aub payung, sabet sapon, sabasoba : Wewengkon, ngeunaan tanah.
  18. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed : Ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
  19. Asa ditonjok congcot : Meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep-arep.
  20. Asa nanggeuy endog beubeureumna : Kacida nyaahna.
  21. Asa potong leungeun katuhu : Leungiteun  jalma nu pohara hade gawena.
  22. Ati mungkir beungeut nyanghareup : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi hanteu.
  23. Ambekna sakulit bawang : Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
  24. Aya jalan komo meuntas : Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
  25. Asa dijual payu : Ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
  26. Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu moal bakal; kasorang.
  27. Anak merak kukuncungan : Turunan anu hade laku lampahna, luhur budina, galibna sok hade deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna bae.
  28. Asa ditumbu umur : Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
  29. Aya jalan komo meuntas : Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
  30. Asa nyanghulu ka jarian : Ngawula ka anu sahandapeun umur,  pangarti atawa pangalaman.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar