Rabu, 09 Mei 2012

Hirup Kudu Sing Eling

Asalamualaikum dulur sadayana


 
punten yeuh abdi bade dodongen heula sakedap alhamdulilahnya dina dangeut ieu abdi masih tiasa cumarita ku kaayan sehat jasmani sareng rohani na , di tilik tilik ieu jaman nu tos mangrebu rebu taun ayena nincakna mren ieu jaman meuni harengheng jalma tos tarurun ka jalan anu daremo tea lah anu tawuran tea lah aya deui anu ngarusak pangwangunan anu sakitu elok deudeuh tur endah na gara gara ku salah arti (mren kitu) siloka bangunan nu aya ge dirarusak deudeuh teuing ieu hirup, kacida ku robahna anu ieu ngajamanan aya sapalihna anu teu nyaho jug jug panglakonan
jaman kiwari jalma teh heunte inget kana paribahasa Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek  henteu ,, henteu aya ku jaman kiwari hese neangan jalma anu kitu apan hirup ngalalakon lain kawas sinetron urang hirup pan tos puguh tujuan tos jelas tata cara ngajalan ieu kahirupan naon anu kudu di lakonan naon anu keudah di ingkahan
ieu jaman teh ges kolot heg atuh urang anu ngahirupan ieu jaman sing peka kana kaayaan , urang hirup lamun di ibaratken wayang urang the gumeuleuntang dina ieu kahirupan the didalangan ngan bedana urang ari urang mah diberean akal jang milih ieu kahirupan rek di jieun kumaha ku urang, lamun neda ieu ngimplengan jaman sedih ieu manah loba jalma nu te eling dina kahirupan hirup ngan saukur ngudag ngudag dunya tapi paeh di katotolerken apan urang paeh ke teh lain rek mawa harta tapi amal ibadah urang
Kuring didieu arek peupeujeuh teu sakabeh jalma bahgia ku dunya sing eling kana awal mula urang bray ka alam dunya urang ngicep kur boga kasehatan jasmani jeng rohani nu suci jeung urang hirup gede ngalalakon neangan jalur ieu kahirupan omat kade ulah poho kanu kawasa da urang bakal mulih ka jati mulang ka asal sing sadar urang mulang ka asal urang kuddu peupeuk ku amal kahadean laen.
 
hapunten baraya bilih aya kecap kuring anu nyinggung teu mernah kanu manah neda hapunten sakumaha kalpatan simkuring .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar